|
Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing [=korma] |
Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan [=pisin] |
|
Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing[=pengis] |
Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing [=umaing] |
|
Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding [=asu] |
Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing [=asu] |
|
Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui[=anjing] |
Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi [=tegal] |
|
Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit [=buncit] |
Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati [=énéng] |
|
Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari [=bodo] |
Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis [=ngoyok] |
|
Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih [=pulus] |
Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi[=lompong] |
|
Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati [=walimah] |
Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung [=iwung] |
|
Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi [=kapal udara] |
Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan [=séro] |
|
Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih[=eurih] |
Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri[=areng] |
|
Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit [=elos] |
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug [=tajug] |
|
Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak [=bayawak] |
Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi [=merak] |
|
Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi [=camar] |
Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik [=akik] |
|
Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi [=mengi] |
Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung [=tipung] |
|
Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap [=gelap] |
Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin [=sekin] |
|
Bedug wedalan Eropah
abdi teu asa dipuji [=tanji] |
Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi [=oray] |
|
Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita [=kareta] |
Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui [=darma] |
|
Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi [=ali] |
Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan [=amismata] |
|
Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta [=timah] |
Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli [=gulali] |
|
Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti [=roti] |
Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil [=caruluk] |
|
Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis [=halis] |
Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin [=gelas] |
|
Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha [=toké] |
Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti [=lasun] |
|
Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh [=] |
Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami [=almenak] |
|
Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau [=bagja] |
Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih[=enggih] |
|
Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi[=panglay] |
Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing [=mantéga] |
|
Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana [=duri] |
Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti [=kasur] |
|
Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim [=lém] |
Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing [=hampelas] |
|
Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya [=kararas] |
Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari [=Januari] |
|
Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan[=téwok] |
Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani [=Cikuray] |
|
Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli [=gulali] |
Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung [=payung] |
|
Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing [=malim] |
Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati [=cécéndét] |
|
Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik [=balik] |
Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai[=ager] |
|
Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri[=langari] |
Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih[=gigih] |
|
Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding[=gumading] |
Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan [=munara] |
|
Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati [=kapal (cai)] |
Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. [=kapal (cai)] |
|
Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit [=rumah sakit] |
Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati [=meri] |
|
Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri [=meri] |
Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri [=puyuh] |
|
Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing[=kapokan] |
Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing[=kamayung] |
|
Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah[=langgar] |
Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela [=kapal (cai)] |
|
Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu [=kutu] |
Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi [=kararas] |
|
Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi [=pagi] |
Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping[=emping] |
|
Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri [=kitri] |
Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring [=pasaran] |
|
Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami [=semi] |
Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana [=cara] |
|
Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih [=eurih] |
Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris [=hiris] |
|
Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati [=gemet] |
Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring [=jaat] |
|
Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak [=bayawak] |
Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis [=keuyeup] |
|
Kalapa bakalan minyak
nu ampuh titis raspati [=cipati] |
Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati [=cocodot] |
|
Kararas daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun[=barangbang] |
Kasintu di sisi situ
nu hayang kawanti-wanti [=] |
|
Kauntun tipung katambang béas
laksana meunang ijasah [=laksa] |
Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji [=sawah] |
|
Kembang biru di astana
abot pisah jeung kakasih [=salasih] |
Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran [=jeruk] |
|
Kembang jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi[=mayang] |
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati [=bedug] |
|
Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran[=langlayangan] |
Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing[=bonang] |
|
Keuyeup gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting [=kapiting] |
Koja awi dihuaan
sageuy lamun teu kasorang[=korang] |
|
Kokotor saluar awak
da sanés rek hiri dengki [=daki ] |
Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi [=] |
|
Kulit teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri [=kuku] |
Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap [=gelap] |
|
Kuring téh kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan [=] |
Kutu baju kuar sinjang
moal weléh tumarima [=tuma] |
|
Lahang abri dibotolan
ningal anu suka galih [=cuka] |
Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit [=reungit] |
|
Lampu leutik tengah imah
abdi samar méré idin [=damar] |
Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik [=bilik] |
|
Lancah cai di walungan
engkang teu émut ka abdi[=engkang-engkang] |
Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna[=keuyeup] |
|
Lauk panjang dina parung
ari émut merod pikir [=berod] |
Lauk rebing saba laut
karikari jalir jangji [=pari] |
|
Manuk apung saba eurih
haté asa didudutan [=dudut] |
Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik [=galatik] |
|
Manuk lindeuk di buruan
kuring bati panas ati [=japati] |
Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan [=jago] |
|
Manuk renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi [=caladi] |
Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi [=puyuh] |
|
Maung tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing [=ucing] |
Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran[=layung] |
|
Melak bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri [=nebar] |
Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan[=peucang] |
|
Meri pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi [=éntog] |
Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna [=lutung] |
|
Mun inget mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring [=tinta] |
Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi [=surabi] |
|
Nganyam bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun[=ninun] |
Nu dahar taya sésana
ngan asa dipoyok badis [=ledis] |
|
Nu gering geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui[=mamayu] |
Nu nutu miceun huutna
Mun awon moal ditampi [=napi] |
|
Nya buah ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati [=ganas] |
Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih [=ngijih] |
|
Nyeupan sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui[=gigih] |
Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi[=nguyang] |
|
Nyiru gedé wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir[=tampir] |
Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting[=papanting] |
|
Pangcalikan tonggong kuda
kudu satia buméla [=sela] |
Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi [=ragi] |
|
Paribasa petis Cina
hayang nepi ka cacapna [=kécap] |
Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri [=nulis] |
|
Péso patok kewung tungtung
hayang kapiajang teuing [=rejang] |
Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin [=sekin] |
|
Pileuleuyan kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir[=badak] |
Piunjuk duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit [=pamit] |
|
Puguh mah ubar muriang
nu hina leuwih ti misti [=Kina] |
Puter putih saba lembur
kuring seja béla pati [=japati] |
|
Ranté ngait kana baju
Memang geus cumantél ati [=cantél] |
Salendro di papanggungan
ngomong kalepasan teuing[=koromong] |
|
Sanggal hideung saba ranca
témbong léléwa nu manis [=lélé] |
Sangrayan peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih [=rengat] |
|
Santri miskin geus maréman
tangtu tiis pikir abdi [=pikir] |
Sapikul katian Cina
malah kumplit sareng cingcin[=dacin] |
|
Séndok batok digagangan
geus lawas abdi ngalayung[=gayung] |
Séréh leuweung turub saung
haté abdi panas peurih [=eurih] |
|
Situ bendung di Citarum
gulang-guling ngan sorangan[=Saguling] |
Sok rajeun ngabuah kawung
curuluk cisoca bijil [=curuluk] |
|
Tegal tengah nagara
laun-laun sugan hasil [=alun-alun] |
Tepi ka kélor héjona
tepi ka antukna [=katuk] |
|
Teu beunang dihurang sawah
teu beunang dipikameumeut[=simeut] |
Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong[=kolontong] |
|
Teu beunang dipiring leutik
teu beunang dipikaisin [=pisin] |
Teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang[=hayam] |
|
Teu beunang disihung tipung
teu beunang dipapagonan[=sasagon] |
Teu beunang disitu lembur
teu beunang diulah-ulah [=kulah] |
|
Teu beunang disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun [=kéjo] |
Teu beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun[=deudeul] |
|
Teu beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono [=kaso] |
Teu beunang diwaru leuweung
teu beunang diboro-boro [=bisoro] |
|
Teu puguh monyét hideungna
teu puguh tungtungna [=lutung] |
Ulah sok kapiring leutik
ulah sok kaisinan [=pisin] |
|
Wadah minyak tina beling
jadi budak kudu getol [=botol] |
Walanda hideung soldadu
umambon engkang ka nyai [=(urang) Ambon] |
|
Warisan sekin pusaka
haturan nyai pribadi [=badi] |
Thursday, August 17, 2017
wawangsalan seni basa sunda
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment