Friday, August 18, 2017

contoh pidato tentang zakat



            MAJLIS TALIM AL-IKHLAs
      Kp Tegalaja RT 04 RW 13 s Mandalamukti Kec Cikalongwetan Bandung Barat
Judul : jakat



 Hadirin Rohimakumulloh
 Tina Sabagian harta nu di arah ku urang aya bagian batur nyaeta bagian pakir miskin,maka di atur ku agama islam aya nu di sebut zakat,zakat ngarupakeun kawajiban umat islam nomer ka tilu dina rukun islam, guna na pikeun ngabersihkeun harta urang tina hak anu lian,aya nu di sebat jakat pertanian, jakat sasatoan, jakat perdagangan, jakat perhiasan, jeung sajabina,urang ulah lebar ku ngaluarkeun jakat, lantaran eta hak batur,malah upami teu di kaluarkeun jakatna harta urang kacampuran ku hak batur,jakt gaduh batasan wajib ngaluarkeun nu di sebat nisab,upami tos nisab harta urang maka wajib di kaluarkeun jakatna, aya nu tara zakat di dieu?....... pami aya tah nu kitu nu di sebat si koret ngopet cap jahe the, hadirin saayana, kalo ada sumur di ladang  boleh kita menumpang mandi,lamun aya umur nupanjang sim kuring tiasa pidato deui.







No comments:

Post a Comment