Thursday, August 17, 2017

pengatur waktu pembawa acara pernikahan



                     Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatken fuja sinareng fuji syukur ka hadirat alloh nu maha gopur nu parantos masihan ni’mat nu kacida ageungna jeung mangfa’atna ka urang sadayana ,buktosna ni’mat iman wal islam ,sarteng ni’mat sehat walafiat ,sabab ku ni’mat anu ieu urang tiasa kempel di ieu tempat kanggo nyaksenan hamba alloh anu sakedap deui bade di akad tikahan ,mudah-mudahan dina danget ayeuna alloh nurunkeun rahmat sinareng magfiroh ka urang sadayana wabil husus ka panganten sakalih amiin ya robal alamin………..
                   Sholawat sareng salam mudah – mudahan di kocorkeun ka paduka alam, anu arif tur bijaksana, anu niti dina jalur nu suci nete dina lampah nu mernah , oge sapagodos sareng buktosna, anu tos mawa umatna minadzulumati ilannur nyatana nabi Muhammad SAW , nyakitu deui sholawat anu ka dua kalian, mudah-mudahan di dugikeun ka kulawargina, shohabatna tur mudah-mudahan dugi ka urang sadayana, amiin…..
                    Para tamu sepuh miwah anom sadayana, sim kuring salaku anu mingpin ieu acaa, ngahaturkeun wilujeng sumping, tutut gunung keong reuma sumangga gera gek calik, naming sateuacana ieu acara di kawitan, jisim kuring salaku wawakil ti sohibul bet, nyuhunkeun di hapunten anu sa’ageung-ageung na,upami tempat anu parantos di sayogikeun tebih tina kasampurna’an, sanes kirang ngahormat sareng teu hoyong ngabageakeun, naming sakieu kamampuan ti sohibul bet, mugia ka para tamu undangan ageing hampurana. Amiiiin,
                       Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, acara mim iti di pitembeyan, lalangse pananya hate ayeuna urang singraykeun, geusan mapag balebat ti belah wetan, rek berlayar tarik jangkar, mapag jalan nu ngembat,mapay taya simpangan.
                     Nanging memeh kebatna lumampah, ranggeuyan acara urang sebatan
Anu kahiji bubuka, anu eusina
1.       Pembacaan kalimah toyibah
a.       Pembacaan wahyu kalam ilahi
b.      Laporan nu mapag panganten pameget
2.       Anu kadua seren bakal panganten
3.       Anu katilu aqad nikah di susul ku hormat sungkem
4.       Anu ka opat do’a acara di papas pungkas 


                       Sumangga acara urang sami- sami di guluyurkeun
Nyukcruk galur sunnah rosul, pedah aya mapag anu di seja, nu di palar mapag hasil, tong petot urang tawakal , geus lumrah sakumna umat isalam di mana rek milampah hade, ngaos keun heula basmallah sumangga sasarengan…..
Mudah-mudahan ieu acara tuntas ti awal dugika ahir, kalayan teu aya halangan harungan nanaon. Amiin
                        Hadirin kadang mulya sadaya
                   Mun berlayar tanpa kamudi  : Palangsiang katambias Mun hirup tanpa kendali  : Palangsiang Bakal sasab Poekeun jalan leungiteun udagan,ngan bagja keur sakumna umat islam, hidupna the boga pedoman sarta gaduh lelencer, Buktosna kitab suci al-qur’an , Bisi leumpang pareng sasab ,Mun balayar katambias,Rampang-reumpeung poekeun jalan sorangeun, jadi ca’ang guligah ku katengtreman , kalayan maksad ibadah sumangga urang sami-sami dangukeunaosan ayat suci al-quran Anu bade di galindengkeun ku saderek……
                  Galindengna kalam  ilahi, Mapaler hate anu cape, Ngupahan manah anu susah, rembes nimbus kana sanubari , sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, Nyaliara minuhan awak, Sok komo ngartos kana ma’na na, Cacakan ku di rarampa geningan ni’mat karaosna,dedel pangdu’a kanu maha kawasa  mugia ageing mangfa’atna,kanu ngaosna kalih ka urang sadayana. Amiin……
                   Nincak kana acara nu kadua, nyaeta seren bakal panganten,Sumangga wawakil ti para tamu,di haturanan tandang makalangan…….
                   Dulur-2 Nu sami2 hadir
                   Saki9tu pisaur sepuh Wawakil ti para tamu, Di guar paragat nembrak , sihoreng si manahoreng keuna kana paripaos Ca’ang bulan ambil-ambilan,Turuktuk hayam kamannantu, seja ngambil tuang putra, Purah nutu purah nyangu, Purah ngasakeun baligo, Purah calik dina lampit, Purah tunggu imah gede, Kituna the bari nyekel tutungkusan, Gunung luhur tanpa tutugan… Kujangkungna, Sagara mayakpak tanpa daratan,…kulega na,Bawi raos kabingah pribumi langkung ti kitu,Giliran nu kasumpingan,Tamu bilih pundungeun manten, enggal tamu bageakeun.di haturanan….


                            Sumangga acara urang sami- sami di guluyurkeun
                            Nyukcruk galur sunnah rosul, pedah aya mapag anu di seja, nu di palar mapag hasil, tong petot urang tawakal , geus lumrah sakumna umat isalam di mana rek milampah hade, ngaos keun heula basmallah sumangga sasarengan…..
                Hadirin kadang mulya sadaya
                 Runtuyan saur piwuruk, Ranggeuyan patwa piwejang,Ngagalindeng matak nineung, Keur obor dimana poek, Keur iteuk dimana leu’eur,Batur ludeung waktu keu’eung, Batur Mangsa susah,Paragi nyaliksik diri,ngarampa jeung maca awak, haturt sewu nuhun ka pangersa….Mugia ageing mangfa’atna. Amiin….
                Giliran nu panungtungan acara urang lekasan,Geura panting mapat do’aMunajat kanu maha kawasa, Minangka jajap panganteur rek jajap ka geusan,bagja kanggo nyesepuhan, dihaturanan…..
                Hadirin nu sami-sami hadir….Tutug rampung tutas paragat,acara di papas tuntas mangga urang sami-sami rampak sasarenganNgaoskeun ayat al-hamdulillahi robbilalamin…





                                                                                                                                              Zaenal asikin malingping
                                                                                                                                         087824284654
                                                                                                                                        01 april 2013

No comments:

Post a Comment