MAJLIS TA’LIM AL-IKHLAs
Kp Tegalaja RT 04 RW 13 s Mandalamukti Kec
Cikalongwetan Bandung Barat
Judul :jihad
Salah Sawios Amal Anu
Utama nyaeta jihad Dina jalan alloh.jihad hartosna perang,ngan perang ayeuna
sanes kedah manggul bedil sanes kedah naroh keun nyawa, tapi perang merangan
hawa napsu nu aya dina diri urang,perang ngalawan ka kedul, perang ngalawan ka
hoream, perang ngalawan koret, jeung perang nyingkahkeun kabodoan dina diri
urang geusan di gentian ku kapinteran dina hal agama islam.jalma nu ngedul
ngaji hakekat na tos eleh perang ngalawan hawa napsu nu ngajak ngedul, aya di
dieu nu ngedul ngaji?........tah sami nu koret ge hakekatna eleh perang
ngalawan napsu na nu ngajak koret. Aya di dieu nu koret?.......ari jajan sapoe te
kurang ti limarebu Ari Udunan tilu rebu Saminggu Te Ka bayar,Aya Nu Kitu Di
Dieu?.......Tah nu kitu Jalma Anu Keked Mengkene,cap jahe Buntut
Kasiran,Hadirin Sadayana Sakitu Wae anu kasuhun ,Candak Nu Saena piceun Nu awon
na.
No comments:
Post a Comment